Minggu, 26 Oktober 2014

Asal Usul Sajarah Kuningan ( Bahasa Sunda ) Singkat


SEJARAH KUNINGAN JAWA BARAT

Masa Pra Sajarah
Kurang lebih rebu-rebu tahun masehi katukang, di Kuningan tos aya kahirupan manusa, hal ieu berdasarkeun tina sababaraha paninggalan ti zaman pra sejarah nu nunjukeun ayana kahirupan masa Neoliticum. 

Salain eta, conto lainna nyaeta peninggalan budaya Megaliticum oge kabukti pernah aya di Kuningan, paninggalanna nyaeta model batu-batu gede. Jeung deui bukti paninggalanna bisa ditenjo ku urang di salah sahiji kampung Cipari Kelurahan Cigugur, didia loba contoh paninggalan sejarah ti ker taun-taun bareto anu mangrupa pakakas tina batu obsidian(batu kendan), tembikar, makam batu, pakakas tina keramik. Tina contoh peninggalan eta, diperkirakeun dina masa eta oge aya pamukiman manusa anu ges ngabogaan kabudayaan luhur.

Dina hasil panaluntikan, saurna Kuningan ngalaman dua kali masa pamukiman, nyaeta masa Neoliticum jeung masa Megaliticum.  Dina masa eta masyarakat geus nyaho model kapercayaan, sabab di masa eta geus ngageugeuh kapercayaan nu mangrupa muja nene Moyang.

Zaman Hindu
Salain ningal tina masa pra sejarah, Sasakala Kuningan oge bisa ditempo tina masa zaman Hindu di daerah Kuningan. Dina carita Parahyangan disebatkeun yen aya hiji pemukiman anu ngagaduhan kakiatan politik nu kuat di hiji wilayah kanagaraan,  etateh ayana di daerah Kerajaan Kuningan.

Karajaan Kuningan didirikeun ratus-ratus taun terus Seuweukarma/Demunawan dinobatkeun jadi Raja.  Demunawan nganut ajaran Dangiang Koneng jeung nyekel ajaran Sanghiang Darma tur Sanghiang Riksa. Ekspansi kakawasaan Kuningan dina jaman kakawasaan Seuweukarma nyeberang dugi ka nagari Melayu. Dina wanci eta Masyarakat Kuningan ngarasa hirup aman jeung tentrem dina pimpinan Seuweukarma anu mimpin Kuningan sampe umur lila. Namun dina masa eta Putri Demunawan nikah ka Rakean Dharmasiksa Putrana Prabu Dharmakusumah (Raja Sunda Ti Kawali)

Sanggeus Demunawan nincek kolot,  Kerajaan Kuningan di Pimpin ku Rakean Dharmasiksa. Dina kapamimpinana, Kerajaan Kuningan aya dina suasana nu gemah ripah lohjinawi, tata tentrem kerta raharja, kusabab kerajaan eta dicekel ku jelma nu ahli dina nata aturan hukum, adat, kepercayaan/agama. Pokonamah sagalana sajalan salangkah jeung sairama.

Dina pamarentahan masa eta oge, kuningan jadi loba dikenal, jeung deui kakuatan Kerajaan Kuningan bareto nyaruaan kakuatan Galuh. Hal eta kabukti tina elehna pasukan Sanjaya (Raja Galuh) basa nyerang Kuningan. 

Namun Sanggeus Prabu Dharmakusumah wafat (Raja Sunda), Rakean Dharmasiksa jadi mimpin Kerajaan ramana, nyaeta mimpin Kerajaan Sunda, kusabab Rakean Dharmasiksa nu tadina mimpin kuningan pindah ka Kerajaan Sunda, ahirna putra Rakean Dharmasiksa anu nami Ragasuci/Rajaputra atau anu dikenal Rahyantang Saunggalah jadi mimpin Kerajaan Kuningan anu ges ngahiji ka Karajaan Sunda.  

Zaman Islam
Saeunggeus sababaraha ratus masehi kahareup Karajaan Kuningan didirikeun, di masehi kurang lebih 1470 datang saurang ajengan agama Islam nyaeta Sunan Gunung Jati (Salah sahiji Wali songo) ka Luragung kanggo nyebarkeun Agama Islam di Kuningan. Dimasa eta Sunan Gunung Jati dikenal salah sahiji Wali Songo, sahingga dimasa eta Sunan Gunung Jati papangging jeung Kaisar Tiongkok, akibat kurang percaya ka Sunan Gunung Jati wali songo, Kaisar tiongkok nguji Sunan, Kaisar jeung putrina nyaeta Ong Tien Nio nguji elmu Sunan Gunung Jati make Bokor anu dijieun tina bahan kuningan. Ong Tien Nio nalikeun Bokor Kuningan dina beuteungna trus di balut ku samping sampe jiga katingali nuju hamil. Tidia Kaisar Tiongkong nguji ka Sunan  sabari nanya bahwa Putri na Nuju hamil atawa teueu?

Ningali tur dititah nebak Putri Kaisar Tiongkok, Sunan Gunung Jati ngaragap beuteung Putri Kaisar Tiongkok eta tur ngajawab bahwa Putri Kaisar nuju hamil. Ngadenge kitu Kaisar Tiongkok murka jeung ngahukum Sunan, bari ngomong bahwa Sunan Gunung Jati wali songo palsu. Ahirna Sunan Gunung Jati Dihukum kusabab salah nebak, kusabab Kaisar Tiongkok nyaho bener adegan tadi cuma hamil-hamilan palsu, sabab ngan make bokor nu ditalian kana beuteung Putrina, anu  katingalina jiga hamil.

Sunan Gunung Jati ahirna di alungken kalaut, tapi berkat ka agungan Allah, Sunan Gunung Jati kabawa arus ka daerah pantai cirebon jeung disalametkeun. Tapi sanggeus kajadian eta, Putri Kaisar Tiongkok jadi hamil beneran, Ong Tien Nio heran jeung teu percaya, Kaisar oge sarua teu percaya.

Ngadenge bahwa Sunan Gunung Jati hirup keneh jeung ayeuna aya di Cirebon, Kaisar menta hampura ka Sunan Gunung Jati, jeung ngutarakeun ka hanjakalana tos mempermainkeun orang Soleh. Ahirna Putri Ong Tien Nio dikirim ka Cirebon dinikahkeun ka Sunan Gunung Jati. Saentos nikah, putra Ong Tien Nio dilahirkeun, Putrana dititipkeun ka Ki Gendeng Kuningan anu di Winduherang sangkan disusuan ku Istri Ki Gendeng Kuningan, sabab Ki Gendeng Kuningan Oge ngagaduhan Putra anu nami Amung Gegetuning Ati anu diganti ngaran ku Syeh jadi Pangeran Arya Kemuning. Tur aya amanat bahwa dimana Pangeran Kuningan tos nincek dewasa erek dinobatkeun jadi Adipati Kuningan.

Ahirna Sanggeus Pangeran Kuningan jeung Arya Kemuning tos dewasa, diperkirakeun tepatna dina bulan Muharam tanggal 1 September 1498 Masehi, Pangeran Kuningan dilantik jadi kapala Pamarentahan anu disebut Pangeran Arya Adipati Kuningan (Adipati Kuningan) anu dibantu ku Arya Kamuning. Tah ahirna samenjak eta dinyatakeun titik tolak kabentukna Pamarentahan Kuningan. Didirikeuna Pamarentahan Kuningan oge nampak tina kamunculan Toko-toko Agama Islam nu datang ka Kuningan.

Catatan: Artikel ini berasal dari berbagai sumber yang masih diragukan kebenarannya.